Ibnu Batutah ( ; Basa Arab: محمد ابن بطوطة; lengkep: شمس الدين أبو عبد الله محمد بن عبد الله اللواتي الطنجي بن بطوطة; 25 Pebruari 1304 – 1368 atawa 1369) nyaéta sarjana Muslim ti Berber Maroko, anu kakoncara ku lalakonna ngalalana ngambah dunya abad panengah. Salila tilu puluh taun, Ibnu Batutah nganjang ka ampir sakabéd unya Islam jeung tatar non-Muslim lianna, kaasup Asia Tengah, Asia Tenggara, India, jeung Cina. Dina ahir hirupna, anjeunna nuliskeun lalakon hirupna dijudulan Tuḥfatun Nuẓẓār fī Gharāʾibil Amṣār wa ʿAjāʾibil Asfār atawa anu katelah Arrihlah.
Riwayat

Iber ngeunaan Ibnu Batutah datangna ti otobiografina hungkul, anu nétélakeun yén anjeunna téh turunan Berber, ti kulawarga sarjana hukum Islam di Tangier, Maroko, dina 25 Pébruari 1304, jaman dinasti Marinid. Kulawargana kaasup suku Berber anu katelah Lawata. Jaman keur ngora, anjeunna diajar madhab Sunni Maliki (madhab fiqih Islam) anu lolobana dianut di Afrika Kalér jaman harita.
Ngumbara 1325-1332
Munggaran haji
Juni 1325 (umur dua puluh hiji), Ibnu Batutah munggah haji ka Mekah. Jaman harita, munggah haji bakal méakkeun waktu genep belas bulan. Tapi horéng anjeunna karék balik deui sanggeus dua puluh opat taun.
Ibnu Batutah angkat mapay daratan, nuturkeun Basisir Kalé nAprika ngaliwatan Kasultanan Abdulwadid jeung Hafsid. Anu kaliwatan di antarana Tlemcen, Béjaïa, jeung Tunis, nepi ka anjeunna kungsi netep salila dua bulan. Ngarah aman, anjeunna biasana milu ka kafilah pikeun nyingkahan garong. Di kota Sfax, anjeunna kawin.
Tutumbu kaluar
- Perjalanan Di Asia Sareng Afrika 1325-13134 - tarjamahan Gibb taun 1929 tina Arsip Internét
- Hiji Tangerine di Cirebon - tulisan Saudi Aramco World ku Tim Mackintosh-Smith (Maret / April 2006).
- Ibadah Haji pangpanjangna: Lalampahanna Ibn Battuta - tulisan Saudi Aramco World ku Douglas Bullis (Juli / Agustus 2000).
- Buku Google - numbu ka undian 2004 tarjamahan Gibb taun 1929.
- Naskah Perancis tina Defrémery sareng Sanguinetti (1853-1858) kalayan perkenalan sareng suku suku ku Stéphane Yérasimos diterbitkeun dina 1982: Jilid 1 Archived 2011-06-16 di Wayback Machine, Jilid 2 Archived 2011-06-16 di Wayback Machine, Jilid 3 Archived 2016-05-29 di Wayback Machine.
- Works by Ibn Battuta
