factograf
SU

Maroko

Maroko

Key facts

saprak789
nyaétaMonarki konstitusional, Nagara daulat
nagaraMaroko
All data from the card 9
Kota panggedéna
Kasablanka
Basa resmi(Basa pribumi)
Basa ArabAmazigh[a](Basa Arab Maroko, Tachelhit, Tamazight Atlas Tengah Tarifit, Hassaniya. [b])
Démonim
Moroccan
Pamaréntah
Démokrasi parleménter kahijian jeung Monarki Konstitusional
Monarki
110 SM
Mata uang
Dirham Maroko (MAD)
Zona wanci
WET (UTC+0)
TLD Internét
.ma
Kode telepon
+212

Citakan:Other uses

Maroko (Basa Arab: المغرب‎ al-Maghrib; basa Berber: ⵍⵎⴰⵖⵔⵉⴱ Lmaɣrib), resmina Karajaan Maroko (Basa Arab: المملكة المغربية‎ al-Mamlaka al-Maghribiyya:; basa Berber: ⵜⴰⴳⵍⴷⵉⵜ ⵏ ⵍⵎⴰⵖⵔⵉⴱ Tagldit n Lmaɣrib), nyaéta hiji nagara nu aya di Afrika Kalér. Nagara ieu miboga populasi nu leuwih ti 32 yuta jiwa sarta aréa 710.850 km², jeung ogé maréntahan wewengkon Sahara Kulon (nu dipaséakeun statusna). Nagara ieu mangrupa bagian ti wewengkon Magribi, sareng Tunisia, Aljazair, Mauritania, jeung Libya, nu boga patalian sajarah, basa, jeung budaya.

Maroko mangrupa hiji monarki konstitusional kalawan parlemén anu dipilih. Raja Maroko miboga kakawasaan éksekutif nu lega, kaasup kamungkinan ngabubarkeun parlemén. Kakawasaan législatif dipiboga ku boh pamaréntah boh parlemén 2 kamarna, Déwan Pawakilan jeung Majelis Déwan. Sang Raja ogé tiasa ngaluarkeun dékrét nu disebut dahir nu miboga kakiatan hukum. Pamilu parlemén dilaksanakeun di Maroko dina 7 Séptémber 2007, jeung diperhatoskeun ku sababaraha panénjo nétral minangka paling bébas jeung adil; sanajan partisipasi ngan 37%, nu pangsaeutikna dina sababaraha dékade. Ibu kotana nyaéta Rabat, jeung kota panggedéna nyaéta Kasablanka; kota gedé lianna contona Marrakésh, Tetouan, Tangier, Salé, Fes, Agadir, Meknes, jeung Oujda.

Kalobaannana urang Maroko nyaturkeun minimalna hiji ti dua Berber jeung Arab Maroko minangka basa indung. Basa-basa éta duanana miboga dialék jeung logat wewengkon.

Babagian administratif

Région-région Maroko
Région-région Maroko

Maroko dibagi kana 16 région, jeung dibagi deui kana (total) 62 préféktur jeung propinsi.

Région

Minangka bagian ti hukum déséntralisasi/régionalisasi 1997, 16 région nyar dijieun, nyaéta:

  • 01. Oued Ed-Dahab-Lagouira
  • 02. Laâyoune-Boujdour-Sakia El Hamra
  • 03. Guelmim-Es Semara
  • 04. Souss-Massa-Draâ
  • 05. Gharb-Chrarda-Béni Hssen
  • 06. Chaouia-Ouardigha
  • 07. Marrakech-Tensift-El Haouz
  • 08. Oriental
  • 09. Grand Casablanca
  • 10. Rabat-Salé-Zemmour-Zaer
  • 11. Doukkala-Abda
  • 12. Tadla-Azilal
  • 13. Meknés-Tafilalet
  • 14. Fés-Boulemane
  • 15. Taza-Al Hoceima-Taounate
  • 16. Tangier-Tétouan

Status Sahara Kulon

Wétaneun tanggul nyaéta wewengkon nu diatur ku Polisario
Wétaneun tanggul nyaéta wewengkon nu diatur ku Polisario

Ku sabab konflik di Sahara Kulon, status wewengkon "Saguia el-Hamra" jeung "Río de Oro" dipaséakeun. Pasarikatan Bangsa-Bangsa nempo Sahara Kulon minangka hiji wewengkon tanpa pamaréntahan sorangan, jeung minangka hiji perkara ti dékolonisasi nu teu réngsé. Pangawasaan Maroko kana wewengkon ieu teu diakuan sacara internasional, pun ogé républik merdika anu diajukeun Polisario, hiji grup Saharawi nu ngalawan panjajahan Spanyol jeung teras pikeun kamerdikaan Sahara Kulon minangka Républik Démokratik Arab Sahrawi (ayeuna markasna di Aljazair). Aya gencatan senjata ti 1991, jeung hiji misi PBB (MINURSO) pikeun ngurus hiji réferéndum sangkan téritori ieu merdika atawa diakuan minangka bagian ti Maroko.

Téritori ieu kalobaannana diparéntah minangka Propinsi Kidul ku Maroko saprak Spanyol ngaleupaskeun wewengkon ieu ka Maroko jeung Mauritania sanggeus Pasatujuan Madrid dina 1975–76. Bagian ti téritori, Zona Bébas, nyaéta hiji aréa nu teu didumukan nu diatur the Front Polisario minangka Républik Démokratik Arab Sahrawi kalawan markasna di Tindouf, Aljazair.

Perang Sahara Kulon

Perang Sahara Kulon nyaéta konflik senjata antara Front pagerakan kemrdikaan pambarontakan nasional Polisario Sahrawi jeung Maroko sareng Mauritania pikeun kawasa kana urut jajahan Spanyol, Sahara Kulon; lumangsung ti 1976 nepi ka 1991. Perangna ngahasilkeun kaluarna Spanyol dina 1976, kaluarna Mauritania dina 1979, jeung gencatan senjata sareng Maroko. Kalobaannana ti wewengkon tetep dina kadali Maroko.

Lanskap jeung monumén

Ouzoud Falls deukeut Azilal, Atlas Tengah
Ouzoud Falls deukeut Azilal, Atlas Tengah
Jbel Toubkal, gunung pangluhurna di Afrika Kalér
Jbel Toubkal, gunung pangluhurna di Afrika Kalér
Dano Tislit, di Imilchil, Atlas Luhur
Dano Tislit, di Imilchil, Atlas Luhur
Ifrane, Atlas Tengah
Ifrane, Atlas Tengah
The Pagunungan Rif
The Pagunungan Rif
Oued Laou
Oued Laou
Lebak Imlil di Atlas Luhur
Lebak Imlil di Atlas Luhur
Oasis Figuig, Maroko wétan
Oasis Figuig, Maroko wétan
Volubilis, situs arkéologi deukeut Meknes
Volubilis, situs arkéologi deukeut Meknes
Chefchaouen, Maroko kalér
Chefchaouen, Maroko kalér
Universitas Al-Karaouine di Fes.
Universitas Al-Karaouine di Fes.
Masjid Koutoubia diwangun ku Dinasti Almohad. (abad ka-12)
Masjid Koutoubia diwangun ku Dinasti Almohad. (abad ka-12)
12 images
Ouzoud Falls deukeut Azilal, Atlas Tengah  
Jbel Toubkal, gunung pangluhurna di Afrika Kalér  
Dano Tislit, di Imilchil, Atlas Luhur  
Ifrane, Atlas Tengah  
The Pagunungan Rif  
Oued Laou  
Lebak Imlil di Atlas Luhur  
Oasis Figuig, Maroko wétan  
Volubilis, situs arkéologi deukeut Meknes  
Chefchaouen, Maroko kalér  
Universitas Al-Karaouine di Fes.  
Masjid Koutoubia diwangun ku Dinasti Almohad. (abad ka-12)  
Munara Hassan, Rabat. Diwangun ku Yaqub al-Mansur (abad ka-12)  
Ben Youssef Madrasa di Marrakésh, diwangun dina abad ka-14ku Sultan Abu al-Hassan.  
Madrasa Bou Inania di Fes, diwangun ku Sultan Abu Inan Faris, abad ka-14.  
Bab Mansour di Meknes  

Tempo ogé

Tumbu kaluar

  • Loka resmi pamaréntah Maroko Archived 2006-04-25 di Wayback Machine
  • Parlemén Maroko
  • Layanan Umum Archived 2011-05-13 di Wayback Machine
  • Éntri Morocco di CIA World Factbook
  • Sumber wéb Maroko disadiakeun ku GovPubs dina Perpustakaan di Universtias Colorado–Boulder
  • Maroko di Open Directory Project
  • Atlas Morocco Wikimedia, ngandung peta ngeunaan Morocco.

   Tempo ogé Maroko di Wikivoyage

Citakan:Morocco topics

Read next

In 279 languages

suаԥсшәаAcèhадыгабзэAfrikaansAlemannischአማርኛPangcaharagonésÆngliscOboloअंगिकाالعربيةܐܪܡܝܐالدارجةمصرىঅসমীয়াasturianuKotavaAymar aruazərbaycancaتۆرکجهбашҡортсаBasa BaliBoarischžemaitėškaBikol Centralбеларуская (тарашкевіца)беларускаяBetawiбългарскиभोजपुरीBislamaBanjarbamanankanবাংলাབོད་ཡིགবিষ্ণুপ্রিয়া মণিপুরীbrezhonegbosanskiбуряадcatalàChavacano de Zamboanga閩東語 / Mìng-dĕ̤ng-ngṳ̄нохчийнCebuanoᏣᎳᎩکوردیcorsuqırımtatarcačeštinakaszëbscziчӑвашлаCymraegdanskdagbanliDeutschZazakidolnoserbskiडोटेलीދިވެހިބަސްཇོང་ཁeʋegbeΕλληνικάemiliàn e rumagnòlEnglishEsperantoespañoleestieuskaraestremeñuفارسیFulfuldesuomivõroføroysktfɔ̀ngbèfrançaisarpetanNordfriiskfurlanFryskGaeilgeGagauzkriyòl gwiyannenGàidhliggalegoگیلکیAvañe'ẽगोंयची कोंकणी / Gõychi KonknniBahasa HulontaloGhanaian PidginગુજરાતીfarefareGaelgHausa客家語 / Hak-kâ-ngîHawaiʻiעבריתहिन्दीFiji HindihrvatskihornjoserbsceKreyòl ayisyenmagyarհայերենԱրեւմտահայերէնinterlinguaBahasa IndonesiaInterlingueIgboIlokanoIdoíslenskamedžuslovjanskyitaliano日本語Patoisla .lojban.JawaქართულიQaraqalpaqshaTaqbaylitJjuKabɩyɛTyapKongoKumoringGĩkũyũқазақшаភាសាខ្មែរಕನ್ನಡYerwa Kanuri한국어къарачай-малкъарکٲشُرkurdîкомиkernowekкыргызчаLatinaLadinoLëtzebuergeschлезгиLingua Franca NovaLugandaLimburgsLigureLadinlombardlingálaລາວlietuviųlatviešuMadhurâमगहीмокшеньMalagasyолык марийMāoriMinangkabauмакедонскиമലയാളംмонголꯃꯤꯇꯩ ꯂꯣꯟmooreमराठीкырык марыBahasa MelayuMaltiMirandésမြန်မာဘာသာمازِرونیNapulitanoNedersaksiesPlattdüütschनेपालीनेपाल भाषाNederlandsnorsk nynorsknorskNovialisiNdebele seSewulaNouormandSesotho sa LeboaNupeDiné bizaadoccitanlivvinkarjalaOromooଓଡ଼ିଆиронਪੰਜਾਬੀKapampanganPapiamentuPicardNaijáDeitschpolskiPiemontèisپنجابیپښتوportuguêsRuna SimiromânăрусскийрусиньскыйIkinyarwandaसंस्कृतम्саха тылаᱥᱟᱱᱛᱟᱲᱤsardusicilianuScotsسنڌيdavvisámegiellaSängösrpskohrvatski / српскохрватскиTaclḥitတႆးසිංහලSimple EnglishslovenčinaslovenščinaGagana SamoaanarâškielâchiShonaSoomaaligashqipсрпски / srpskiSiSwatiSesothoSeeltersksvenskaKiswahiliꠍꠤꠟꠐꠤślůnskiSakizayaதமிழ்TayalతెలుగుтоҷикӣไทยትግርኛTürkmençeTagalogtolışitoki ponaTürkçeSeediqXitsongaтатарча / tatarçachiTumbukaудмуртئۇيغۇرچە / Uyghurcheукраїнськаاردوoʻzbekcha / ўзбекчаvènetovepsän kel’Tiếng ViệtWest-VlamsVolapükwalonWinarayWolof吴语isiXhosaმარგალურიייִדישYorùbáVahcuenghZeêuwsⵜⴰⵎⴰⵣⵉⵖⵜ ⵜⴰⵏⴰⵡⴰⵢⵜ文言閩南語 / Bân-lâm-gí粵語中文isiZulu

Text from Wikipedia, CC BY-SA 4.0 · Source article