factograf
SU

Wayback Machine

Wayback Machine
All data from the card 7
URL
web.archive.org
Rupa
Arsip
Régistrasi
Opsional
Nu mibanda
Internet Archive
Mimiti
24 Januari 1996
Réngking Alexa
Citakan:DecreasePositive 162 ()
Status
Aktif


Mesin Wayback nyaéta arsip digital Waring Wera Wanua sareng inpormasi sanésna tina Internét anu diciptakeun ku Internet Archive, ieu organisasi nirlaba anu matuhna di San Fransisco, California. Situs ieu ngahaja diprogram ku Brewster Kahle jeung Bruce Gilliat, sarta meunang eusi/kontén ti Alexa Internet. Ladenan ieu ngamungkinkeun pamaké pikeun nempo arsip kaca wéb saban waktu atawa naon nu disebut "indéks tilu diménsi."

Ngaran Wayback Machine sorangan dipilih tina hiji pakakas dina séri kartun animasi, The Rocky jeung Bullwinkle Show. Dina salah sahiji bagéan kartun animasi, Peabody's Improbable History, tokoh utama Mr. Peabody sareng Sherman rutin ngagunakeun mesin waktos anu disebut "mesin WABAC" (dibaca "Wayback") pikeun nyaksian, ilubiung, sareng, remen. Ngarobah hiji kajadian anu kawentar dina sajarah.

Read next

In 117 languages

Text from Wikipedia, CC BY-SA 4.0 · Source article