factograf
SU

Fiji

Fiji

Key facts

saprak1970
nyaétaNagara daulat, Nagara kahijian
nagaraFiji
All data from the card 7
Basa resmi
Inggris, Bau Fiji, jeung Hindi Fiji
Démonim
Fiji Islander, Fijian
Pamaréntah
Pamaréntahan Tetepan Militér jeung Républik parleménter
Mata uang
Dolar Fiji (FJD)
Zona wanci
+11 (UTC+12)
TLD Internét
.fj
Kode telepon
+679

Fiji ( ( dangukeun); basa Fiji: Viti; basa Hindi Fiji: फ़िजी), resmina Républik Fiji (basa Fiji: Matanitu ko Viti; basa Hindi Fiji: फ़िजी गणराज्य Fijī Gaṇarājya), mangrupa hiji nagara kapuloan di Mélanesia di Samudra Pasifik kidul, kira-kira 1,100 nautical miles (2,000 km; 1,300 mi) kalér-wétaneun Pulo Kalér Selandia Anyar. Tatanggina nu pangdeukeutna nyaéta Vanuatu di kulon, Kaledonia Anyar Perancis di kidul-kulon, Kapuloan Kermadec Selandia Anyar di kidul-wétan, Tonga di wétan, Samoa, Wallis jeung Futuna Perancis di kalér-wétan jeung Tuvalu di kalér.

Kalobaannana kapuloan Fiji diwangun tina aktivitas vulkanis nu dimimitian kira-kira 150 juta taun baheula. Ayeuna, sababaraha aktivitas géotérmal masih aya dina kapuloan Vanua Levu jeung Taveuni. Fiji geus didumukan ti milénium kadua SM. Nagara ieu diwangun ti hiji kapuloan nu miboga leuwih ti 332 pulo, nu mana 110 didumukan permanén, jeung leuwih ti 500 pulo leutik. Dua pulo utama, Viti Levu jeung Vanua Levu, miboga 87% ti populasi nu ampir nepi ka 850.000. Ibu kotana nyaéta Suva. Kalobaannana urang Fiji cicing di basisir Viti Levu, boh di Suva atawa padumukan nu lian. Bagian jero Viti Levu jarang dicicingan ku lantaran daratanna.

Dina abad ka-17 jeung ka-18, Walanda jeung Britania ngajelajah Fiji. Fiji mangrupa hiji koloni Britiania nepi ka 1970; panjajahan Britania aya méh hiji abad. Ku lantaran lobana leuweung, mineral, jeung sumber lauk, Fiji mangrupa salah sahiji nu ékonomina pangmekarna di wewengkon kapuloan Pasifik. Kiwari, sumber utama dévisa nyaéta industri pelesir jeung ékspor gula. Mata uang nagara ieu nyaéta Dolar Fiji.

Fiji miboga hiji sistem pamaréntahan lokal nu mana déwan dayeuh jeung kota aya dina kawasa umum Kamentrian Pamaréntahan Lokal jeung Pamekaran Kota. Présidén Ratu Epeli Nailatikau minangka présidén Fiji, sanggeus hiji mahkamah luhur maréntah yén kapamingpinan militér ditetepkeun tampa hukum sanggeus kudéta 2006. Dina Perang Dunya II, Britania Raya ngidinkeun raloba urang Fiji nulungan Sakutu liwat panunggalanna sareng tentara Selandia Anyar jeung Australia. Angkatan Pakarang Républik Fiji (RFMF), diwangun ti unit darat jeung laut.

Babagian administratif

Peta babagian Fiji.
Peta babagian Fiji.

Fiji dibagi kana Opat Divisi Mayor:

  • Tengah
  • Wétan
  • Kalér
  • Kulon

Divisi-divisi ieu dibagi deui kana 14 propinsi:

  • Ba
  • Bua
  • Cakaudrove
  • Kadavu
  • Lau
  • Lomaiviti
  • Macuata
  • Nadroga-Navosa
  • Naitasiri
  • Namosi
  • Ra
  • Rewa
  • Serua
  • Tailevu

Fiji dibagi ogé kana 3 Konféderasi Pamaréntahan dina rézim Cakobau, sanajan teu dianggap salaku babagian politis, tapi tetep penting dina babagian sosial:

  • Konféderasi Burebasaga
  • Konféderasi Kubuna
  • Konféderasi Tovata

Tempo ogé

  • Layanan Météorologi Fiji
  • Hubungan luar nagri Fiji
  • Daptar inohong Fiji
  • Militér Fiji
  • Télékomunikasi Fiji

Réferénsi

  • Wright, Ronald (1986). On Fiji Islands. Original from the University of Michigan, Digitized 5 December 2006. ISBN 0-670-80634-X. Mutalaah panjajahan kapuloan Fiji, nerangkeun kumaha Fiji bisa nahankeun basa jeung budaya maranéhna, jeung ngadéskirpsikeun masarakat Fiji.
  • Derrick, Ronald Albert (1951). The Fiji Islands: A Geographical Handbook. Govt. Print. Dept Fiji, 334 pages, Original from the University of Michigan, Digitized 11 July 2006. Rincian dina Fiji sajarahna jeung géografina.
  • Lal, Brij V. (1992). Broken Waves: A History of the Fiji Islands in the Twentieth Century. University of Hawaii Press. ISBN 0-8248-1418-5. Rincian dina Sajarah, Géografi, jeung Ékonomi Fiji.
  • Back to the Chessboard: The Coup and the Re-Emergence of Pre-colonial Rivalries in Fiji. Dina: Kolig/Mückler (eds.) (2002). Politics of Indigeneity in the South Pacific. LIT Verlag, Hamburg. hlm. 143–158. ISBN 3-8258-5915-0.
  • Miller, Korina (2003). Fiji. Lonely Planet. ISBN 1-74059-134-8. pituduh pelesir.

Pustaka

  • Derrick, Ronald Albert (1957). A History of Fiji. Suva, Fiji: Government Printer.
  • David Routledge: Matanitu - The Struggle for Power in Early Fiji, University of the South Pacific, Suva 1985
  • Scarr, Deryck (1984). Fiji: A Short History. Sydney, Australia: Allen & Unwin. ISBN 0-86861-319-3.
  • Waterhouse, Joseph (1998). The King and People of Fiji. University of Hawaii Press. ISBN 0-8248-1920-9.

Tumbu kaluar

Pamaréntah
  • Loka resmi pamaréntah Fiji Archived 2020-12-08 di Wayback Machine
  • Loka resmi Parlemén Fiji
Informasi umum
  • Fiji Archived 2008-06-07 di Wayback Machine dina UCB Libraries GovPubs
  • Atlas Fiji Wikimedia, ngandung peta ngeunaan Fiji.
Pelesir

   Tempo ogé Fiji di Wikivoyage

  • Bulafiji.com Archived 2007-04-07 di Wayback Machine Loka resmi Biro Turis Fiji
  • The Fiji Times
  • Proyék Fiji Archived 2007-10-12 di Wayback Machine dina Seacology.org





Artikel ngeunaan géografi ti hiji nagara atawa wewengkon ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.

Read next

In 232 languages

suаԥсшәаAcèhAfrikaansAlemannischአማርኛPangcaharagonésÆngliscअंगिकाالعربيةالدارجةمصرىঅসমীয়াasturianuKotavaazərbaycancaتۆرکجهбашҡортсаBasa BaližemaitėškaBikol Centralбеларуская (тарашкевіца)беларускаяBetawiбългарскиभोजपुरीBislamaবাংলাབོད་ཡིགবিষ্ণুপ্রিয়া মণিপুরীbrezhonegbosanskiбуряадcatalàChavacano de Zamboanga閩東語 / Mìng-dĕ̤ng-ngṳ̄нохчийнCebuanoTsetsêhestâheseکوردیqırımtatarcačeštinakaszëbscziчӑвашлаCymraegdanskdagbanliDeutschZazakidolnoserbskiKadazandusunडोटेलीދިވެހިބަސްཇོང་ཁΕλληνικάEnglishEsperantoespañoleestieuskaraestremeñuفارسیFulfuldesuomivõroNa Vosa VakavitiføroysktfrançaisarpetanNordfriiskFryskGaeilgeGagauzkriyòl gwiyannenGàidhliggalegoAvañe'ẽगोंयची कोंकणी / Gõychi Konknni𐌲𐌿𐍄𐌹𐍃𐌺GaelgHausa客家語 / Hak-kâ-ngîעבריתहिन्दीFiji HindihrvatskihornjoserbsceKreyòl ayisyenmagyarհայերենԱրեւմտահայերէնinterlinguaJaku IbanBahasa IndonesiaInterlingueIlokanoIdoíslenskaitalianoᐃᓄᒃᑎᑐᑦ / inuktitut日本語PatoisJawaქართულიQaraqalpaqshaKarai-karaiKumoringқазақшаភាសាខ្មែរಕನ್ನಡ한국어къарачай-малкъарکٲشُرkurdîkernowekкыргызчаLatinaLadinoLëtzebuergeschLingua Franca NovaLimburgsLigureLadinlombardລາວlietuviųlatviešuमगहीमैथिलीBasa BanyumasanMalagasyMāoriMinangkabauмакедонскиമലയാളംмонголꯃꯤꯇꯩ ꯂꯣꯟဘာသာမန်मराठीкырык марыBahasa MelayuMaltiမြန်မာဘာသာمازِرونیPlattdüütschनेपालीनेपाल भाषाNederlandsnorsk nynorsknorskNovialNupeDiné bizaadoccitanlivvinkarjalaиронਪੰਜਾਬੀKapampanganPapiamentupolskiPiemontèisپنجابیپښتوportuguêsRuna SimiromânăрусскийIkinyarwandaसंस्कृतम्саха тылаᱥᱟᱱᱛᱟᱲᱤsardusicilianuScotsسنڌيdavvisámegiellaSängösrpskohrvatski / српскохрватскиTaclḥitတႆးසිංහලSimple EnglishslovenčinaslovenščinaGagana SamoaanarâškielâchiShonaSoomaaligashqipсрпски / srpskisvenskaKiswahiliꠍꠤꠟꠐꠤślůnskiSakizayaதமிழ்TayalతెలుగుтоҷикӣไทยTürkmençeTagaloglea faka-Tongatoki ponaTok PisinTürkçeSeediqтатарча / tatarçareo tahitiудмуртئۇيغۇرچە / Uyghurcheукраїнськаاردوoʻzbekcha / ўзбекчаvènetovepsän kel’Tiếng ViệtVolapükWinarayWolof吴语მარგალურიייִדישYorùbáVahcuenghZeêuws文言閩南語 / Bân-lâm-gí粵語中文isiZulu

Text from Wikipedia, CC BY-SA 4.0 · Source article