
Sutra mangrupa produk ékslusip kaisar Cina atawa Tiongkok. Mimitina sutra dipikawanoh di Cina dina taun 2700 SM. Cina anu apal kumaha cara nyieun sutra, saha waé anu ngabéjakeun cara nyieuna sutra bakal dipaéhan. Ku sabab kitu harga sutra téh mahal, nepi ka sabanding hargana jeung emas. Ceuk sahaol carita mah baheulana Lei-tzu sang Permaisuri karajaan harita keur merhatikeun kepompong dina tangkal mulberry tuluy éta kepompong téh dibawa, sabot kitu éta kepompong téh murag kana cangkir nu eusina entéh permaisuri. Nalika rék dibawa éta kepompong nu murag téh robah jadi lambaran bola anu lemes tur panjang. Ieu sajarah mimitina kapanggih ayana bola sutra. Permaisuri anu manggihan éta bola sutra disebut Si Ling-chi atawa Lady of the Silkworm. Ku sabab kitu Cina kasohor penghasil kaén sutra anu dipikawanoh di sakabéh alam dunya. Loba padagang anu jualan kaén sutra, jalur pedagang kasebut disebut Silk Road atawa Jalur Sutera.
Prosés nyieun sutra
Sutra dihasilkeun tina kepompong hileud sutra. Hileud sutra ngahasilkeun kepompong anu bisa dipintal jadi serat sutra. Aya ratusa jinis hileud sutra, tapi sutra anu alus dihasilkeun ku kepompong tina hileud sutra tangkal murbei anu ngaran ilmiahna ''Bombyx mori''. Induk sutra bisa ngahasilkeun 500 endog hileud sutra anu gedéna saperti jarum pentul. Salila 20 poé, endog kasebut barobah jadi larva hileud anu laleutik. Larva hileud ngadahar daun murbei kalayan gancang. kira-kira 18 poé, awak larva hileud ngagedéan 70 kali ukuran awak asalna sarta opat kali ngaganti cangkangna. Satuluyna larva hileud kasebut bakal terus ngagedéan nepi ka beuratna 10.000 kali beuratasalna. Nalika éta hileud sutra bakal barobah warnana jadi konéngjeung leuwih ngeusi. Éta salah sahiji tanda hileud sutra mimiti ngabulen asup kana kapongpong. Satuluyna kepompong dikulub sangkan larva hileud di jerona maot. Jadi lamun diantep, hileud bakal asak anu satuluyna bakal ngégélan kepompong jadi moal bisa ka arah. Sanggeus hileud maot, serat dina kepompong bisa diudulkeun/diuraikan jadi serat sutra. Hiji kepompong sutra bisa ngahasilkeun serat sapanjang 300 méter nepi ka 900 méter anu diaméterna 10 mikrométer (1/1000 miliméter). Di sakabéh dunya dina sataun bisa ngahasilkeun total serat sutra sapanjang 112,7 milyar kilométer. Satuluyna serat sutra anu lemes kudu dipintal. Serat sutra dipintal kalayan prosés anu hampir sarua jeung prosés nalika hileud sutra ngamintal kepompongna. Prosés éta kaasup alat pemintalan serat sutra pikeun dijieun jadi lawon sutra anu éndah. Bahan kaén tina sutra ieu anu satuluyna dijieun jadi sababaraha produk papakéan atawa produk séjéna.
