factograf
SU

Ramo

Ramo

Ramo basa Indonésiana jari; basa Inggris digit (finger atawa toe) nyaéta bagéan tina awak anu pernahna dina leungeun jeung suku kénca jeung katuhu. Dina kaayaan normal/umum ramo téh jumlahna aya lima, tayalian ti

  1. ramo jempol atawa indung leungeun
  2. ramo curuk
  3. ramo jajangkung (pang panjangna) tur aya di tengah
  4. ramo jariji
  5. ramo cingir

Ramo diwangun ku sabubuhan bagéan tulang anu ieu tulang téh dibungkus ku daging tur otot, henteu ngan manusa baé anu mibanda ramo, lolobana sato ogé mibanda ramo sok sanajan lobana henteu tangtu nepi ka lima. Pikeun jalma anu pégo (henteu bisa nyarita) mangsa nepikeun maksud atawa hubungan komunikasi jeung anu séjéna ku jalan maké ramo anu diusikkeun atawa digerakeun dina wanda anu geus ilahar tur mibanda harti anu baris dikanyahokeun kunu nénjokeun atawa batur ngobrolna. Sakapeung aya ogé ramo nu ngarandapan gangguan atawa henteu normal ku lantaran panyakit, saperti ramo nu maréréngkel nu ilahar disebut kékéd.



Dicutat tina

Subwidang umum dina biologi
Anatomi | Astrobiologi | Biokimia | Bioinformatik | Botani | Biologi sél | Ékologi | Biologi évolusionér | Genetik | Genomik | Biologi laut | Biologi manusa | Mikrobiologi | Biologi molekular | Asal-usul hirup | Paléontologi | Parasitologi | Fisiologi | Taksonomi | Zologi


Artikel ngeunaan anatomi ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.

Read next

In 90 languages

Text from Wikipedia, CC BY-SA 4.0 · Source article