factograf
SU
Sign in

Paramore

Paramore


Paramore nyaéta grup musik rock asal Amerika Serikat anu dibentuk taun 1994 di Franklin, Tennessee, Amérika. Paramore dibentuk ku Hayley Nichole Williams dina vokal jeung keyboard, Josh Farro] dina gitar jeung vokal, Jason Clarke dina bass, Zac Farro dina drum sarta Taylor York (gitar ritem). Sanggeus sababaaha kali bongkar pasang personil, ahirna personil Paramore nu ayeuna nyaéta Hayley Nichole Williams, Taylor Yorke, jeung Jeremy Davis. Ngaran Paramore sorangan cenah dicokot tina ngaran Indungna Jason Clarke.

Diskografi

ti saprak dibentuk, Paramore geus ngarilis tilu album studio di antarana ALL WE KNOW IS FALLINGh, RIOT!, jeung BRAND NEW EYES. Album All We Know is Falling dirilis tanggal 26 Juli 2005 anu direkam salila 3 minggu. ALbum kaduana, Riot! dirilis tanggal 12 Juni 2007, ieu album asup ka peringkat 20 dina Billboard terus kajual leuwih ti 44.000 di Amérika. Lian ti éta, Paramore meunangkeun platinum di Amérika sarta Gold Platinum di Inggris jeung Irlandia. Album Brand New Eyes dirilis tanggal 28 Séptémber 2009. Ieu album meunang sértipikat emas di Austrailia, Brazil, Kanada, Irlandia, Jepang, Selandia Baru, Inggris jeung Amérika. Paramore ogé kungsi ngarilis lagu pikeun pilem Twilight anu judulna Decode jeung I caught Myself

Référénsi


Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.

Read next

In 140 languages

Text from Wikipedia, CC BY-SA 4.0 · Source article