factograf
SU
Sign in

Midazolam

Midazolam mangrupa ubar nu kaasup kana golongan bénzodiazépin. Minangka ubar panenang, ieu midazolam mibanda sipat ansiolitik, palemes otot, antikonvulsan, sédatif, hipnotik, jeung amnésik. Dina larapanna ieu midazolam geus dipaké dina rupa-rupa kagiatan biomédis, kayaning bedah jantung, ogé dina prosedur éndoskopi minangka ubar pra-anéstési, minangka tatambah pikeun anéstési lokal, sarta dipaké ogé ku dokter huntu. Pamakéan midazolam bisa ku cara oral, réktal, intranasal, intramuskuler, jeung jalur intravéna. Midazolam kagolong ubar bénzodiazépin anu unik, lantaran onsét éfékna nu gancang sarta durasi tindakan anu pondok.

Midazolam guna pisan pikeun ngubaran sakalor. Sok sanajan kitu, aya éfék sagigireunna kayaning napas jadi eungap, tekenan getih jadi rendah, sarta tunduh. Taak kana éfékna jeung sakaw mah bisa kajadian mun ieu ubar dikonsumsi katutuluyan. Taun 1974 ieu midazolam dipaténkan tuluy taun 1982 mimiti dipaké secara médis. Kiwari ieu ubar geus sayaga minangka ubar teu bisa kahontal lantaran waragadna teu pati mahal sarta kaasup ubar generik.

Kontraindikasi

Bénzodiazépin upama dipakékeun ka nu geus kolot, nu keur ngandung, ka barudak, nyandu alkohol atawa nu gumantung kana ubar atawa ogé nu boga gangguan kajiwaan, mangka diperlukeun tindakan panyegahan husus. Ka pasén nu keur kritis mah komo kudu ati-ati pisan, sabab bisa kajadian midazolam jeung metabolit aktifna ngakumulasi. Gangguan ginjal atawa liver bisa ngalambatkeun éliminasi midazolam nu antuknya nyababkeun éfék nu katutuluyan sarta kudu ditingkatkeun. Kontraindikasi ngawengku hipersénsitivitas, glaukoma juru heureut akut, syok, hipoténsi, atawa cidera sirah.

Read next

In 52 languages

Text from Wikipedia, CC BY-SA 4.0 · Source article