factograf
SU
Sign in

Kalapa

Kalapa

Kalapa (Cocos nucifera) nyata tangkal anu asalna tina kulawarga Arecaceae (kulawarga palem), hiji-hijina spésiés dina Genus Cocos, nu mangrupa palem gedé, jangkungna bisa nepi ka 30 m, panjang barangbang 4–6 m (semplak mun geus garing), 'daun' 60–90 cm. Istilah kalapa leuwih nujul ka buahna, lain tangkalna.

Asal-usul jeung budidaya

Gambar tangkal kalapa abad ka-19
Gambar tangkal kalapa abad ka-19
Gambar kembang kalapa abad ka-19
Gambar kembang kalapa abad ka-19
4 images

Asal-usul ieu tangkal nepi ka kiwari masih dipadungdengkeun; aya nu nyebut asli Asia Tenggara, aya ogé nu nyebut palsu Amérika Kidul. Catetan fosil ti Selandia Anyar nunjukkeun yén tutuwuhan sarupa kalapa, tapi leutik, geus aya di daérah éta 15 juta taun ka tukang. Fosil nu leuwih heubeul aya ogé di Rajastan & Maharastra, India. Nu puguh, kalapa geus sumebar ka sakuliah dunya tropis, sigana mah dibantu ku para palaut. Kalapa bisa ngambang antukna bisa waé sumebar kabawa palid ku ombak laut: anu palid nepi ka Norwégia waé kanyahoan hirup kénéh (bisa tumuwuh). Di kapuloan Hawaii, kalapa téh dianggap tutuwuhan bawaan urang Polinésia ti lemah caina di Pasipik Kidul.

Sumber rujukan

  • Coconut, Wikipédia édisi basa Inggris (27 Maret 2006)

Tumbu kaluar

  • Coconut Research Center
  • Kokonut Pacific Developers of Direct Micro Expelling (DME) technology that enables Islanders to produce pure cold-pressed virgin coconut oil
  • Coconut Festival
  • Coconut Time Line Archived 2007-12-13 di Wayback Machine
  • Plant Cultures: botany, history and uses of the coconut Archived 2006-07-21 di Wayback Machine
  • Purdue University crop pages: Cocos nucifera


Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.

Read next

In 150 languages

suAcèhAfrikaansአማርኛaragonésالعربيةمصرىasturianuazərbaycancaتۆرکجهBasa BaliBikol CentralбеларускаябългарскиभोजपुरीBislamaBanjarবাংলাབོད་ཡིགcatalà閩東語 / Mìng-dĕ̤ng-ngṳ̄CebuanoکوردیqırımtatarcačeštinaчӑвашлаCymraegdanskdagbanliDeutschKadazandusunދިވެހިބަސްΕλληνικάEnglishEsperantoespañoleestieuskaraفارسیsuomiNa Vosa VakavitifrançaisNordfriiskGaeilgegalegoگیلکیBahasa HulontaloગુજરાતીwayuunaikiGaelgHausa客家語 / Hak-kâ-ngîעבריתहिन्दीhrvatskihornjoserbsceKreyòl ayisyenmagyarհայերենԱրեւմտահայերէնJaku IbanIdoíslenskaitaliano日本語JawaქართულიTyapKumoringқазақшаភាសាខ្មែរಕನ್ನಡ한국어کٲشُرkurdîLatinaLëtzebuergeschлаккуlingálalietuviųlatviešuMadhurâमैथिलीMalagasyMāoriMinangkabauмакедонскиമലയാളംмонголꯃꯤꯇꯩ ꯂꯣꯟဘာသာမန်मराठीBahasa MelayuMirandésनेपालीLi NihaNederlandsnorsk nynorsknorskDiné bizaadଓଡ଼ିଆиронਪੰਜਾਬੀKapampanganpolskiپنجابیپښتوportuguêsRuna Simiromânăрусскийसंस्कृतम्Scotsسنڌيsrpskohrvatski / српскохрватскиසිංහලSimple EnglishslovenčinaslovenščinaSoomaaligaсрпски / srpskisvenskaKiswahiliꠍꠤꠟꠐꠤSakizayaதமிழ்ತುಳುᥖᥭᥰ ᥖᥬᥲ ᥑᥨᥒᥰతెలుగుไทยTürkmençeTagaloglea faka-TongaTok PisinTürkçeTwireo tahitiукраїнськаاردوTiếng ViệtWinarayWolof吴语ייִדישYorùbá文言閩南語 / Bân-lâm-gí粵語中文isiZulu

Text from Wikipedia, CC BY-SA 4.0 · Source article