factograf
SU

Inostrancevia

Inostrancevia


Inostrancevia nyaéta génus therapsida karnivora punah, ngandung anggota famili Gorgonopsidae panggedéna, prédator dicirian liwat sihungna nu siga huntu pedang. Rupa-rupa spésiés cicing di Rusia kalér salila Tatarium luhur (Vyatskium), mangrupa tahap régional Rusia mirip sareng tahap Wuchiapingium tina periode Perm Ahir, kira-kira 259 nepi ka 252,3 juta taun ka pengker. Sato ieu dipikanyaho tina sajumlah tangkorak jeung dua rorongkong nu ampir lengkep.

Katerangan

Sakadang I. alexandri nyerang Scutosaurus
Sakadang I. alexandri nyerang Scutosaurus

Spésiés Inostrancevia mangrupa Gorgonopsidae panggedéna nu dipikanyaho; Individu nu dipikanyaho gaduh panjang 3.5 m (11.5 ft) jeung tangkorak heureut panjang nu panjangna 60 cm (24 in). Sato ieu gaduh massa rata-rata 300 kg (661,3 lbs).

Siga sajumlah Gorgonopsidae lianna, Inostrancevia dicirian lewat sihung nu kuat, sareng caheum luhurna nu panjangna 15 cm (5.9 in), akar pakait sareng satengah panjangna. Tubuhna langsing, sareng sukuna leutik. Dina habitatna Inostrancevia aya ogé Scutosaurus nu kamungkinan jadi mangsana.

Étimologi

Inostrancevia dingaranan ku ahli paléontologi Rusia Vladimir P. Amalitsky ngahargaan ahli géologi Rusia Aleksandr Inostrantsev.

Pamanggihan

Rorongkong Holotipe Inostrancevia alexandri
Rorongkong Holotipe Inostrancevia alexandri

Fosil mimitina kapendak dina Sokolki Assemblage Zone ti Formasi Kutuluk jeung Salarevo di Oblast Arkangelsk salaku bagian tina penggalian Walungan Dvina Kalér dipimpin ku Amalitsky nalika akhir abad ka-19. Dua rorongkong nu ampir lengkep kapendak sareng sésa-sésa rorongkong lianna, salah sahijina dipajang jeung dipamérkeun di Saint Petersburg di taun 1900 sareng lianna sababaraha taun ka hareup. Pedaran anu ditangtoskeun tina papanggihan diterbitkeun anumerta di 1922.

Klasifikasi

Di handap mangrupa kladogram tina analisis filogenetik ku Gebauer (2007):



Aloposaurus




Cyonosaurus




Aelurosaurus


Gorgonopsidae

Scylacognathus




Eoarctops



Gorgonops




Njalila




Lycaenops




Arctognathus




Inostrancevia


Rubidgeinae

Aelurognathus




Rubidgea




Sycosaurus



Clelandina













Gorgonopsia 


Tautan éksternal

  • Taxonomical Information
  • Raúl Martín. "Inostrancevia" (pencil drawing).
  • Anatomical Information Archived 2007-12-13 di Wayback Machine

Citakan:Therapsida

Read next

In 27 languages

Text from Wikipedia, CC BY-SA 4.0 · Source article