factograf
SU
Sign in

Sum 41

Sum 41


Sum 41 nyaéta grup musik asal Ontario, Kanada taun 1996 ku Deryck Whibley jwung Steve Jocz. Saacan disebut Sum 41, ieu grup musik maké ngaran Kaspir. Aliran musik Sum 41 loba dipangaruhan ku NOFX jeung Bestie Boys, najan Sum 41 nyebut yén Judas Priest, Iron Maiden jeung Metallica salaku sumber inspirasina. Najan aliran punk karasa kuatna dina musikna, tapi sakapeung sok didebatkeun ku para fans Sum 41, meureun ieu hal disababkeun aliran musik Sum 41 mangrupa campuran rupa-rupa aliran. Personil Sum 41 ayeuna nyaéta Deryk Whibley (Vokal), Richard Roy (bass), jeung Steve Jocz (drum).

Diskografi

Album pertama Sum 41 nyaéta HALF HOUR OF POWER anu dirilis ku Island Records taun 2000. ieu album meunang platinum di Kanada. Album nu kadua nyaéta ALL KILLER NO FILLER (2001), anu meunang tilu platinum. Taun 2002, Sum 41 ngarilis album DOES THIS LOOK INFECTED anu dirilis ku Island Records. Album CHUCK dirilis taun 2004 masih ku Island Records. Sum 41 ngarilis album GO CHUCK YOURSELF ku Aquarius Records taun 2006, diteruskeun ku UNDERCLASS HERO taun 2007. Album anu pamungkas nyaéta SCREAMING BLOODY MURDER anu dirilis taun 2011 ieu ku Island Records.

Référénsi


Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.

Read next

In 66 languages

Text from Wikipedia, CC BY-SA 4.0 · Source article