Nikel nyaéta salah sahiji unsur kumia nu miboga simbol Ni. Unsur ieu mibanda nomer atom 28 jeung masa atom 68,71 gram/mol. Nikel mangrupa logam nu teuas, liat, bisa ditempa jeung boga warna bodas kapérakan. Nikel mangrupa konduktor panas jeung listrik anu lumayan alus. Senyawa nikel umumna boga sifat bivalén, sanajan aya ogé tingkat valénsi nu séjén. Unsur ieu ogé ngabentuk sajumlah senyawa kompléks. Sabagian gedé senyawa nikel warnana biru atawa héjo.
Referensi
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.
