factograf
SU
Sign in

Kaiser Chiefs

Kaiser Chiefs

Kaiser Chiefs nyaéta grup musik rock alternative, post punkn revival jeung new wave asal Leeds, Yorkshire Kidul, Inggris. Kaiser Cheifs dibentuk taun 1997, jeung miboga lima personil, di antarana: Ricky Wilson, Andrew ‘Whitey’ White, Simon Rix, Nick ‘Peanut’ Baines, jeung Nick Hodgson.

Kabentukna Kaiser Chiefs

Saacan ngabentuk grup musik, Nick Hudgson, Nick Baines, jeung Simon Rix nyaéta babaturan sakelas di St. Mary's School, Menston Bradford. Sabada réngsé sakola, Rix jeung Baines ngalanjutkeun sakola ka Universitas di Taun 1996, sedengkeun Hudgson cicing di Leeds, terus papanggih jeung Andrew White katut Ricky Wilson. Maranéhna satuju pikeun nyieun hiji grup musik anu dingaranan Runston Parva, anu terus diganti jadi Kaiser Chiefs sabada Rix jeung Baines ngilu asup ka ieu grup musik. Ngaran Kaiser Chiefs sorangan dicokot tina ngaran klub sépak bola asal Afrika Kalér, Kaizer Chiefs.

Diskografi

Taun 2005, Kaiser Chiefs ngarilis album EMPLOYMENT, anu diteruskeun ku album YOURS TRULY, ANGRY MOB dina taun 2007. Kaiser Chiefs ngarilis album OFF WITH THEIR HEADS taun 2008, anu pamungkas nyaéta album THE FUTURE IS MEDIEVAL taun 2011 ieu.

Référénsi

Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.

Read next

In 43 languages

Text from Wikipedia, CC BY-SA 4.0 · Source article