| << | Januari | >> | ||||
| Ah | Se | Sa | Re | Ke | Ju | Sa |
| 1 | 2 | 3 | ||||
| 4 | 5 | 6 | 7 | 8 | 9 | 10 |
| 11 | 12 | 13 | 14 | 15 | 16 | 17 |
| 18 | 19 | 20 | 21 | 22 | 23 | 24 |
| 25 | 26 | 27 | 28 | 29 | 30 | 31 |
| 2026 | ||||||
| Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung |
| 2019 | 2018 | 2017 | 2016 Baca ogé: Kalénder kajadian |
12 Januari nyaéta poé ka-12 dina kalénder Gregorian, sésana 353 poé (354 dina taun kabisat).
Kajadian
- 1554 – Bayinnaung, nu bakal ngadegkeun karajaan panglegana dina sajarah Asia Kulon Kidul diistrénan jadi Raja Burma.
- 1866 – Masarakat Aeronautik Karajaan diadegkeun di London.
- 1895 – National Trust (lambaga nu merhatikeun konservasi alam) diadegkeun di Karajaan Inggris.
- 1908 – Pesen jarak jauh munggaran dikirim ti Munara Éiffel.
- 1945 – Perang Dunia II: Red Army ngamimitian Serangan Vistula–Oder.
- 1962 – Perang Viétnam: Operasi Chopper, misi tempur munggaran Amérika dina perang éta lumangsung.
- 1967 – Dr. James Bedford jadi jalma munggaran nu di-cryonics (ngawétkeun mayit ku cara ditiiskeun) di Yayasan Panambahan Umur Alcor ku niat jaga rék sina dihirupan deui.
- 1970 – Biafra serah bongkokan, ngaréngsékeun Perang Sodara Nigeria.
- 1990 – Pangbantéan tujuh poé dimimitian di Kota Baku, Azerbaijan nu dieusi ku urang Arménia. Haritan urang Arméni digarebugan, disiksa, ditelasan sarta diusiran ti kota.
- 1991 – Perang Teluk: Kongrés AS ngijinan pasukan militer Amérika pikeun ngusir Irak ti Kuwait.
- 1998 – Salapan welas nagara Éropa satuju pikeun ngalarang cloning jelema.
- 2001 – Downtown Disney dibuka pikeun umum minangka bagéan ti Disneyland di Anaheim, California.
- 2004 – Kapal laut panumpang panggedéna di dunia, RMS Queen Mary 2, mimiti balayar.
- 2006 – Kakacoan nalika ngalung jumroh dina poé panungtung Ibadah Haji di Mina, ngabalukarkeun maotna 362 jamaah.
- 2010 – Gempa bumi lumangsung di Haiti, nelasan leuwih ti 100.000 jalma sarta ngancurkeun sabagéan gedé puseur nagri Port au Prince.
- 2015 – Serangan pasukan pamaréntah nelasan 143 urang pajoang Bako Haram di Kolofata, Kamerun.
- 2016 – Sapuluh jalma maraot sarta 15 taratu dina hiji pangeboman di deukeut Masjid Biru di Istambul.
Nu babar
- 1944 – Joe Frazier, tukang tinju Amérika (td. 2011)
- 1949 – Ottmar Hitzfeld, pamaén bola, manajer, Jérman.
- 1949 – Hamadi Jebali, PM Tunisia ka-19
- 1951 – Kirstie Alley, artis Amérika
- 1964 – Jeff Bezos, élmuwan komputer jeung pangusaha Amérika, ngadegkeun Amazon.com
- 1968 – Mauro Silva, pamaén bola Brasil
- 1970 – Zack de la Rocha, musisi Amérika (Rage Against the Machine)
- 1987 – Ricky Harun, aktor Indonésia
- 1991 – Pixie Lott, musisi, tukang ngibing tur artis Inggris.
- 1993 – Zayn Malik, musisi Inggris
- 1993 – Do Kyungsoo, tukang ngawih Koréa Kidul (EXO)
- 1995 – Alessio Romagnoli, pamaén bola Italia