factograf
SU
Sign in

Carangka

  • 1 min read
  • 2 images
Carangka
All data from the card 3
Jinis
Wadah tradisional
Bahan
Awi (Awi Tali)
Asal
Sélér Sunda, Jawa Kulon

Carangka nyaéta wadah anu dijieun tina awi beunang nyasap (nganyam). Wangunna kawas tolombong, pédah baé sasapan leuwing carang tur ilaharna dijieun tina kulit awi (hinis) nu rada kandel. Dina wujudna, carangka mah leuwih basajan sasapan awi leuwih karandel jeung carang. Carangka dimangpaatkeun pikeun wadah mangsa ngala jukut atawa ngarit, ngunjalan hasil tatanén, ngawadahan runtah, panundaan parabot anu teu dipaké, jeung sajabana. Carangka dijieun tina awi tali nu kermeujeuhna lumiat, sagigireun gampang mangsa neukteukan ogé awi tali mah henteu rangu atawa gampang pites. Kiwari tukang nyieun carangka henteu loba kawas baheula, kalindih ku parabot nudijieun tina plastik.

Wangun jeung Téknik Nyieun

Bahan dasar carangka nyaéta hinis awi. Jinis awi anu paling hadé dipaké nyaéta Awi Tali (Gigantochloa apus) ku sabab seratna anu panjang sarta kuat. Proses nyieun carangka dimimitian ku cara meulahan awi jadi lambaran ipis, tuluy dianyam ku pola silang anu miboga liang-liang (carang). Bagian luhur carangka biasana dikuatkeun ku wengku, nyaéta beungkeutan awi anu leuwih kandel sangkan carangka teu gampang robah wangunna.


Tutumbu kaluar

Nanggung carangka
Nanggung carangka
  • Cara nyieun carangka

Dicutat tina

Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.

Read next

Text from Wikipedia, CC BY-SA 4.0 · Source article